Rabu, 14 Juli 2010 | By: Babad Sunda

Sarsilah Karajaan Sumedang Larang

Prabu Guru Aji Putih
Kacaturkeun hiji Resi teurah Galuh anjog dihiji pakampungan di
wewengkon Cipaku, gigir walungan Cimanuk, ayeuna ayana di Kampung
Muhara, Désa Leuwihideung, Kacamatan Darmaja. Éta resi téh
katelahna Prabu Guru Aji Putih.
Di wewengkon éta Anjeuna nyumebarkeun parubahan tata-kahirupan
pandudukna, nepikeun ngarubah tata-pamaréntahan jeung masyarakat
éta wewengkon nu cenahna geus aya ti béh ditu mula ku alpukahanna
Prabu Agung Cakrabuana dina mangsa abad ka-dalapan.
Ku kamotékaran Prabu Guru Aji Putih, réa panduduk nu katarik nu
mana ngajadikeun kakawasaan Prabu Guru Aji Putih ngalegaan nepi ka
sapanjangna walungan Cimanuk nu antukna ngadeg karajaan Témbong
Agung.



Prabu Guru Aji Putih tilar dunya, dikurebkeun di Astana Cipeueut,
Desa Cipaku, Kecamatan Darmaraja. Permaisuri Prabu Guru Aji Putih,
nyaéta Nyi Mas Ratu Ratna Inten atawa Nyi Mas Déwi Nawangwulan
Ari Prabu Guru Aji Putih téh apuputra Tajimaléla téa [mun
nurutkeun koropak 410, Tajimaléla téh sajaman jeung Prabu Raga
Mulya (Panguasa Kawali) nu jeneng Raja dina antara taun 1340-1350].
Prabu Tajimaléla
Geus ilaharna jaman karajaan mah, nu neruskeun kakawasaan Prabu Aji
Guru Putih téh putrana, nu teu lain teu saha, nyaéta Prabu
Tajimaléla.
Ceuk cenah Carita Rahayat, dina jenengna Prabu Tajimaléla mah,
kaayaan dina widang tatanén meni kacida majuna. Anjeuna meni
merhatikeun pisan kana widang tatanén, ceukna ieu Cacarita Rahayat,
harita téh di sapapanjangna walungan Cimanuk, teu weléh tatanén
diwangun kalayan cara nu hadé kitu ogé ayana pamuseran paternakan
di Paniis (Cieunteung) sumawonna dina parikanan di Pangerucuk
(Situarja).
Dina mangsa kakuasaan Prabu Tajimaléla, aya kajadian
macangah/barontak disabudeureun Gunung Cakrabuana nu dipupuhuan ku
Gagak Sangkur. Ku kasakténana Prabu Tajimaléla reujeung kasatiaana
wadya-balad Sang Prabu, ieu kamacangahan téh beunangna ditumpes
nepikeun Gagak Sangkur sawadya-baladna tumurut-takluk ka Anjeuna.
Gagak Sangkur harita ogé masrahkeun diri pikeun ngabdi ka Prabu
Tajimaléla. Ku kahadéan manahna Sang Prabu, Gagak Sangkur nu
kuduna ditelasan atawa sakurang-kurangna diberok, ku Anjeuna mah
malih di istrénan jadi Patih.
Ku kahadéan ahlakna Prabu Tajimaléla ieu reujeungna ku kasatiaan
Patih Gagak Sangkur, rahayat Karajaan Témbong Agung kacaritakeun
raharja-tingtrim ayana. Kaayaan ieu téh nyugemakeun pisan rahayatna
sumawonna pikeun Prabu Tajimaléla mah. Kukituna dina mangsa harita,
Anjeuna nalek ka Patih Gagak Sangkur pikeun nyelangan kakuasaan
Prabu Tajimaléla dina sawatara waktu, nu mana maksud Sang Prabu,
wirehing Anjeuna seja ngadeuheusan Gusti Pangéran pikeun
nyampurnakeun élmu, kakuatan jeung pituduh ku jalan tatapa. Mun
dina Cacarita Rayahat na mah, aya ungkaranana, kieu unina :
“Sideku sinuku, tunggal mapat pancadria, diamparan boéh rarang,
lelembutan ngajorang alam awang-awang, nyungsi angkeuhan nu canna
katimu”
Katomperkeun heuleut sawatara waktu dina saacan réngsé éta
tatapa, langit di sabudeureun Karajaan Témbong Agung caang
ngumebyar dina tilu poéna, dina poé panustungana, Prabu
Tajimaléla kaluar ti tatapana, terusna ngadawam : “Insun Medal
Madangan” nu hartina “Kuring Aya/Kaluar Pikeun Nyaangan/Méré
Pituduh”, Anjeuna saterusna medalkeun élmu nu disebut Élmu
Kasumedangan, nu ayana dina 33 Pasal. Ti dieu pisan ngadegna
Karajaan Témbong Agung téh kalandih jadi Sumedang Larang.
Prabu Pagulingan
Nu jadi panerus Prabu Tajimaléla nyaéta putra cikalna, Prabu Lembu
Agung nu katelahna ogé Lembu Peteng Aji. Ku margi Prabu Lembu Agung
téh sejana babakti janten Resi, teu lami diserahkeun kakuasaan
karajaan ka raina, nyaéta Prabu Gajah Agung atanapi katelah ogé
sabagé Prabu Pagulingan. Karaton ieu Sang Prabu kungsina di sisi
walungan Cipeles, nu mana kiwari éta wewengkon kalandihan
Ciguling-Kacamatan Sumedang Kidul.
Prabu Lembu Agung tilar dunya, dimakamkeun di Astana Gedé, Desa
Cipaku, Kacamatan Darmaraja, kira-kira 500 meter ti makam aki jeung
ninina, Prabu Guru Aji Putih jeung Nyi Mas Ratu Ratna Inten (Nyi Mas
Dewi Nawangwulan). Sedengkeun Prabu Gajah Agung/ Prabu Pagulingan
tilar dunya, dimakamkeun di Cicanting, ayeuna Desa Sukamenak,
Kacamatan Darmaraja.
Teu réa kacaturkeun lumampahna Prabu Pagulingan di Karajaan
Sumedang Larang, tatapi Anjeuna apuputra Ratnasih reujeung Merlaya.
Nyi Rajamantri & Sunan Guling
Ari nu jeneng Ratnasih téh nyaéta Nyi Rajamantri téa (garwana
Sribaduga Maharaja/ Prabu Siliwang). Duméh Nyi Rajamantri dipigarwa
ku Prabu Siliwangi, nya jenengna Ratu téh ngan sawatara waktu, nu
ahirna disumerahkeun ka raina, nyaéta Merlaya téa nu katelahna
Sunan Guling. Sunan Guling tilar dunya, dimakamkeun di Ciguling,
Desa Pasanggrahan, Kecamatan Sumedang.
Sunan Patuakan
Satutasna Sunan Guling mingpin Karajaan Sumedang Larang, salajengna
nu neraskeun téh putrana, nyaéta Tirta Kusuma, katelah ogé ku
Sunan Patuakan. Sunan Patuakan dikurebkeun di Heubeul Isuk, Desa
Cinanggerang
Nyimas Patuakan & Sunan Corénda
Teuna kacaturkeun lalampahana Sunan Patuakan, nanging kalumangsungan
Karajaan Sumedang Larang téh diteraskeun ku raina ku ajeun, nyaéta
Sintawati, katelah ogé ku Nyimas Patuakan. Ari Ratu Sintawati téh
dipigarwa ku Sunan Corénda (kasauran sepuh mah Sunan Corénda téh
Raja Talaga/ putrana Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya, ari
Kusumalaya téh putrana Déwa Niskala nu Panguasa Galuh, hal ieu
ngajadikeun Ratu Sintawati téh incu-minantuna Panguasa Galuh).
Ari Sunan Corénda migarwa ka dua istri, nyaéta Mayangsari
Langlangbuana ti Karajaan Kuningan reujeung Sintawati ti Karajaan
Sumedang Larang. Ti Sintawati ieu Sunan Corénda apuputra Setyasih
nu salajengna katelah ku Ratu Pucuk Umum.
Ratu Pucuk Umum & Pangéran Santri
Ti mangsana kapangmimpinan Ratu Pucuk Umum/ Ratu Intan Déwata ieu
di Karajaan Sumedang Larang mulana nyubebar agama Islam. Lantarana
Ratu Pucuk Umum dipigarwa ku Ki Gedeng Sumedang nu katelah ku
Pangéran Santri téa (putrana Pangéran Palakaran, incuna Pangéran
Panjunan). Ratu Pucuk Umum lan Pangéran Santri dipaparin 6 putra,
nu mana salah sawiosna nyaéta Radén Angkawijaya nu jaga jenengna
téh Prabu Geusan Ulun.
Prabu Geusan Ulun
Dina taun 1579 (aya ogé nu nyebatkeun ping 08 Méi 1579),
kacaturkeun Karajaan Pajajaran runtag nu diakibatkeun ku serangan
wadya-balad gabungan Islam Banten, Pangkuwati lan Angka. Saacanna
Raja Pajajaran Pamungkas, Prabu Suryakancana nyingkah ti Pakuan,
Inyana ngutus opat Sénapatina nyaéta Jayaprakosa, Sanghyang Hawu,
Térong Pétot reujeung Nagganan pikeun nyerahkeun amanat/ pakakas
Karajaan Pajajaran ka Prabu Geusan Ulun sangkan Karajaan Sumedang
Larang jadi panerus Karajaan Pajajaran. Dina runtagna Karajaan
Pajajaran, teu sing nyéréd Karajaan Sumedang Larang jadi milu
runtag. Anakitu téh, kapan Karajaan Sumedang Larang geusna ngagem
Islam, jadi teu diperangan ku balad Islam gabungan tadi. Malihan,
Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan nu saweuteuhna/ teu muntang
ka Pajajaran.
Prabu Geusan Ulun mangrupakeun raja panustungan Karajaan Sumedang
Larang, karenana sabada kapangmingpinan Prabu Geusan Ulun, saterusna
Sumedang Larang ayana dina tangtayungan Mataram.
Panerus Sumedang Larang
Taun 1620
Nu kacaturkeun sabagé panerus Karajaan Sumedang Larang, nyaéta
Pangéran Aria Suradiwangsa (Rangga Gempol I), Anjeuna téh putra
téré Prabu Geusan Ulun ti Ratu Harisbaya. Anjeuna nu nyumerahkeun
Sumedang Larang ka Mataram, nu mana ti saprak harita Sumedang Larang
kalandih ku “Priangan” nu hartina “Sumerah Kalayan Manah Nu
Suci”. Kukituna ayana Sumedang Larang ngan saukur jadi
Bupati-Wadana. Dina sakitaran taun 1624, Rangga Gempol I
diparéntahkeun ku Sultan Agung (Mataram) pikeun naklukeun Sampang
(Madura). Teu kacaturkeun kumaha ahirna Rangga Gempol I nyorang ieu
pancén ti Mataram téh.
Taun 1624
Samiangna ka Sampang, Rangga Gempol I, masrahkeun kakuasaan Sumedang
ka rai, nyaéta Pangéran Dipati Rangga Gedé (Rangga Gempol II).
Kusabab sabagian ti pasukan Sumedang keurna tugas ka Sampang téa,
pasna aya serangan ti Bantén , nya Sumedang téh kadeseh nu mana
ngabalukarkeun Rangga Gempol II meunang hukuman ti Sultan Agung
pédah teu bisa ngajaga wewengkonna. Kukituna Rangga Gempol II
ditahan dibawa ka Mataram. Dina sawatara waktu Rangga Gempol II
dihukum, Sultan Agung maréntahkeun Dipati Ukur (Bupati-Wadana ti
Tatar Ukur/ Bandung ayeuna) pikeun nyelang mingpin Sumedang.
Satutasna Rangga Gempol II ngajalanan hukuman. Anjeunna mingpin deui
Sumedang dina kira taun 1632.
Taun 1681
Bupati-Wadan Sumedang Pangéran Rangga Gempol III Kusumahdinata anu
katelah Pangéran Panembahan, mangrupakeun Bupati Sumedang Munggaran
nu nentang Pamaréntahan VOC/Walanda. Inyana mibanda keresa pikeun
merdika reujeung ngahijikeun deui wewengkon-wewengkon nu pernahna
dikuasaan ku Pakuan-Pajajaran dina jamanna.
Taun 1705
Ping 05 Oktober 1705, Mataram nyumerahkeun panguasaan parahyangan
kalebet sumedang ka VOC.
Taun 1811
Bupati-Wadana Pangéran Kusumahdinata IX anu katelahna Pangéran
Kornél, kalawan tegés nentang naon nu diparéntahkeun ku Kompeni
(VOC) pikeun gawé Rodi, nu harita VOC dipupuhuan ku Gupernur
Jenderal H.W.Daendels. Gawé Rodi téh dimaksudkeun VOC keur
mukakeun jalan (Anyér-Panarukan) pikeun ngangkut hasil pijaraheun
VOC ti bangsa urang. Gawé Rodi ieu kacida nyangsarakeun rahayat
nepikeun ka mangratus-ratus rahayat urang tiwas, kaayaan ieu nu
kiwari ku urang katelah “Peristiwa Cadas Pangéran”.
Taun 1888
Bupati Pangéran Aria Suriaatmaja, anu katelah ogé ku Pangéran
Mekah, kalawan tegés nembongkeun panalek ka Walanda pikeun
ngamerdikakeun bangsa Indonesia/Nusantara. Panalek ieu kaunggel dina
tulisan Anjeuna dina buku “Ditiung Méméh Hujan”, nu
salahsawion unina :
“Dina jaman pajuangan kamerdikaan Indonesia di Jawa Barat, dina
mangsa pasukan-pasukan Divisi Siliwangi Hijrah deui, persisna dina
tanggal 11 April 1949, aya kajadian-kajadian pisajaraheun di
Sumedang, di Kacamatan Buah Dua kitu ogé di Kacamatan Situarja,
nyaéta patempurang ngalawan tangtara Walanda”.
Panutup
Di jaman kiwari, jamanna pangwangunan ngeusi kamerdikaan Indonesia,
teu kaitung deui para putra Sumedang nyumebarkeun wawangi pikeun
sarakanna ku cara sewang-sewangan. Ku kituna dicindekeun baé yén
Sumedang sabagé Dayeuh nu nyimpen ajén sajarah bangsa teu sing
mustahil jaga isuk pageto pibakaleun ngababarkeun sajarah-sajarah
deui Cag,
Supian Apandi

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

0 komentar:

Posting Komentar

Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya

Kembali lagi ke atas