Selasa, 13 Juli 2010 | By: Babad Sunda

Naskah Carita Ratu Pakuan (Kropak 410)

Redaksi teks naskah Carita Ratu Pakuan ini dikutip bagian awal (baris 1-33), bagian tengah (baris 189-231), dan bagian akhir (baris 476-518)

Ini carita Ratu Pakuan,
ti gunung Kumbang.
Gunung Giri Maya Séda,
patapaan Pwahaci Mangbang Siyang,
. nitis ka Rucita Wangi,
ahis tuhan Jayasakti ,
seuweu patih Sang Atus Wangi.
Munding Cina pulang dagang,
basa pulang ti Lamajang,


. sakelél miduwa basa,
nu beunghar di Pabéyan.
Gunung Tara Maya Séda,
bukit si Panglipur Manik,
patapaan Pwahaci Mangbang Siyang,
. nitis ka Manik Déwata,
ka Sang Raja Angsa,
ahis Ratu Premana,
tuhan Paksajati,
seuweuna Serepong Wangi,
. nu beunghar di Taalwangi.
Gunung Cupu Bukit Tamporasih,
patapaan Pwahaci Niwarti,
nu nitis ka Taambo Agung,
nu leuwih kasih,
. ahis tuhan Rahmacuté,
seuweu pa[h]tih Prebu Wangi
Serepong. Sira Punara Putih,
ti Sumedanglarang.
Gunung Cupu Bukit Tanporasih,
. mandala Tanpo Wahanan,
sri gina bukit Manghening,
Patanjala panénjoan.
Gunung si Purnawijaya,
. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
bésé jati dipasagi bubuleud emas,
. tetek taleh salaka,
sasaka gading ditapak liman,
baaneun ka Pakuan.
Bur jolian homas,
dipuncakan ku camara gading,
. dililinggaan omas,
ngarana tan garantay,
dipuncakan ku mirah,
tumpak di karang mantaja,
singasari keri kanan,
. payung wilis lilingga gading,
dipuncakan ku manik molah,
payung getas dililinggaan,
dipuncakan homas,
deung payung saberilén,
. beunang ngagalér ku lungsir,
tapo térong homas keloh.
Gelewer paraja papan,
kikiceup deungeun liliyeuk,
deg semut sama dulur,
. bétana tataman pindah.
Bur kadi kuta Sri Manglayang,
luménggang di awang-awang,
juru kendi ti peundeuri,
juru kandaga ti heula,
. deung sawung galing kiwa tengen,
di tengah kidang kancana,
saha nu si singa barong.
Bur ti heula ley peudeuri,
sataganan lain deui,
. nu geulis taan Bungasari,
ahis tuhan Bima Raja,
putri ti Lodatar Luar,
deung nu geulis Sriwati,
ahisna Munding Dalima,
. putri ti gunung Kajapu,
deung nu geulis Raja Kalapa,
ahis tuhan Bima Kalang,
putri ti Kalapa Jajar,
deung nu geulis Limur Kasih,
. ahisna Panji Bomapati,
putri ti Pasir Batang.
. . . . . . . . . . . . . . . . . . .
Karang Sindulang di muhara
Cilamaya,
di Sanghiyang Atas Keling,
ahis Hacimaya Raja,
. seuweuna sang guru Pamijahan ,
asuh Haci Mageuhan,
seuweu Sanghiyang di umbul Catih,
asuh Hacimaya Manik,
seuweu susuhunan Pakancilan,
. mangkubumi Pakancilan,
asuh Haci Madéwata,
seuweu Sanghiyang di umbul Majak,
asuh Haci Lebok Maya,
seuweuna Sanghiyang di umbul Sogol,
. asuh Haci Ratna Larang,
seuweu Sanghiyang di Saligara,
asuh Haci Lénggang Sari,
seuweu Sanghiyang Mandiri,
asuh Haci Mundut tunjung,
. seuweuna Sanghiyang di umbul Tubuy,
asuh Haci Maya Tunjung Maya Déwata.,
Sri Petas mulih déwata,
deung nu geulis Maya Kusuma
Manglibu Larang,
. mama Libu Wang Sri Ratna,
tuhan Dewata,
seuweu susuhunan Lila,
di hujung Tipu,
nu ngabarangniya Sarasa Maya,
. heubeuheus di Sanghiyang,
ja di suku bubukit di tanah.
Nu geulis Gedongmaya
seuweuna patih di Siyang,
deung nu geulis Rancangmaya,
. Ramayasari Déwata.
Hanaca
raka datasawala
pada jayanya magabatanga.
Sadu pun.
Sugan aya sastra leuwih
suda baan, kurang wuwuhan.
Beunang diajar nulis
gunung Larang Sri Manganti .
Nara Sumber Tim Independen Peneliti Batu Nangtung Selareuma Sumedang Tahun-2009

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

0 komentar:

Posting Komentar

Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya

Kembali lagi ke atas