Rabu, 14 Juli 2010 | By: Babad Sunda

Dawuhan Kanjeng Pangeran Aria Soeria Atmadja ( P. Mekkah )

 
YAYASAN PANGERAN SUMEDANG
Akte Notaris Mr. Tan Eng Kiam Tgl.  21 - 4 - 1955  No. 98 dan Akte Notaris Herati Adibah Tgl.  14 - 9 - 2005  No. 02
Jalan Prabu Geusan Ulun 40 Srimanganti Sumedang 45311 Telp./FAX. (0261) 201714


Dawuhan Kanjeng Pangeran Aria Soeria Atmadja ( P. Mekkah )


1.   Manusa mah kudu cicing dina rasa sareng rumasa, nganggo nyalikan dina korsi eling, mayungan meja wiwaha, nu ditaplakan ku iman, nganggo amparan ku kasabaran, ditelekungan ku elmu, nu dibanderaan ku ikhlas.


2.      Manusa nu lumampah kudu tutunggangan wiwaha, bulu napas, diselaan ku asihan, dikadalian ku pamilih, disebrakan ku kahormatan satia, didudukuy ku lungguh, disanggawedian ku pangarti, sareng rintih, diapis buntutna ku jujur, nganggo pecutna ku elmu, nu dicandakna banderana sabar, panganggona ridho, soleh, pibalukareunnana kabagjaan. (Tah ieu jalanna jalmi Islam).


3.      Kanggo nu nyarengannana kawalapadna Bani Adam nu disebut Islam, nu linggih dina korsi eling, sareng lumampah tunggang kuda miwaha :1. Kipasrah, 2. Kisumerah, 3. Kiridho, 4. Kiiklas, 5. Kitumamprah, 6. Kisumangga, kakudrat Illahi dikapalaan ku percaya. ( Iman ).


4.      Sawangsulna manusa ulah aya dina jagal cidra sareng ngarasula, ulah linggih dina korsi hilap sareng bengbatan, mayunan meja lalawora, nu ditaplakan ku mang-mang, nganggo amparan ku kabarangasan, nganggo telekung ku hasud takabur, nyandak banderana haranga.


5.      Anu lumampah tunggang kuda amarah, nu diselaan ku haranga, dikadalian ku dengki, disebrakan ku harak, didudukuy ku umangkuh, disanggawedian ku licik sareng delit, nganggo pecutnta ku takabur, diapis buntutna ku murugul, nu dicandak banderana Bengal, panganggona bohong, pibalukareunana bahaya. ( Tah ieu jalana atanapi erelna Islam )


6.      Kanggo nu nyarengan kawalapadna karunia Bani Adam nu di sebut islim, linggih dina korsi bengbatan, sareng kuda amarah  : 1. Kireuwasan, 2. Kirisi, 3. Kiriweuh, 4. Kihariwang, 5. Kikeueung, 6. Kisieun, dikapalaan ku mang-mang, numawi disebut jalmi islim.



Pengurus Yayasan Pangeran Sumedang

Ketua Umum,

R. I. Lukman Soemadisoeria

Disalin tina salinan

Tina Koleksi

R.A.A Soeria  Danoeningrat

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

0 komentar:

Posting Komentar

Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya

Kembali lagi ke atas