KAULINAN
1. anjang-anjangan
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
2. bébénténgan
kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
3. béklen
kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
4. boy-boyan
kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog
5. talawéngkar
nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
6. congklak
kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
7. cacaburangé
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
8. cingciripit
kaulinan bari kakawihan.
9. damdaman
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
10. endog-endogan
kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
11. empét-empétan
kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
12. éncrak
kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
13. éngklé
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
14. galah asin
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
15. gatrik
kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
16. gugunungan
kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
17. hahayaman
kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
18. jajangkungan
kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
19. luncat tali
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
20. oray-orayan
kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
21. paciwit-ciwit lutung
kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
22. pérépét jéngkol
kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
23. pelak cau
kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
24. sérmen
kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
25. sondah
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
26. sorodot gaplok
ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
27. ucing-ucingan
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
28. ucing sumput
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Tempat Berbagi wawasan Sejarah ,Seni,Budaya Sunda dan Sejarah,Seni Budaya Nusantara
About Me
Link Teks
Copy/paste code dibawah ini ke blog anda.
Banner Sobat
Links Sobat
Mau SmS Gratis !!!
Blogroll
http://babadsunda.blogspot.com. Diberdayakan oleh Blogger.
Browse » Home »
Seni Budaya Sunda
» Jenis Kaulinan barudak sunda baheula
Jenis Kaulinan barudak sunda baheula
Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Cari isi Blog disini
Selamat Datang
Selamat Datang
di blog Sejarah Seni dan budaya,
Saya berharap kritik dan saran anda
pada kolom komentar, dan Setiap Pengunjung yang Followers this Site/Join this Site ke blog ini maka saya akan followers this Site /Join this Site kembali pada blog anda, dijamin 100% follow back U Blogs.....
dan bagi yang ingin tukar Links/Banner tinggalkan pesan anda. Selamat berjalan-jalan di blog Carita Ki Sunda
Temukan saya di FACEBOOK
(jakatatal@yahoo.com)
TERIMA KASIH
ATAS KUNJUNGAN ANDA
Labels
Blogumulus by Roy Tanck and Amanda Fazani
Katagori
-
▼
2010
(140)
-
▼
Oktober
(35)
- Laporan penelitian Tim Independen Batu Nangtung Se...
- Jenis Kaulinan barudak sunda baheula
- Jenis Seni Kasundaan
- Nama Sunda dan berdiri nya kerajaan sunda pada tah...
- Makna dan macam tradisi (adat istiadat) sunda
- Celempung dan Celempungan
- Kisahku atau kejadian nyata dalam menghadapi probl...
- Alamat situs keramat Kecamatan Sumedang selatan
- Alamat makam keramat Kecamatan Ganeas
- Alamat makam keramat Kecamatan Situraja
- Alamat makam keramat Kecamatan Cistu
- Alamat Situs kec.Wado
- Alamat situs/makam keramat kec.Darmaraja
- Nasib situs dan BCB yang akan dan telah terusir pr...
- MAKNA ATAU ARTI DARI BAGIAN – BAGIAN MAHKOTA BINOK...
- BAGIAN – BAGIAN DARI MAHKOTA BINOKASIH / BINOKA SRI
- PERLENGKAPAN BUSANA PENGANTIN SUMEDANG
- BUSANA PENGANTIN SUMEDANG MEMAKAI MAHKOTA DAN SIGER
- Mahkota Bino Kasih Sanghyang Pake
- Ramalan Sabdo Palon
- Tari Primitif
- Pertumbuhan Tari Topeng Cirebon Awal Abad ke-20
- RATU INTEN DEWI NAWANG WULAN
- Eyang Panji Wulung Kusumah/Lodaya Kusumah/Ajian Su...
- Sahadat Bali
- Kasumedangan (Prabu Tadjimalela)
- Sahadat Darmaraja
- Sahadat Cipaku
- Oega Sumedang Saur Sepuh
- MAKNA LAMBANG “Karaton Sumedanglarang”
- Riwayat Gunung simpay
- Sasakala Gunung Cikalingsem
- Sanghyang Resi Agung (Aria Bima Raksa)
- Video Sejarah Prabu Geusan Ulun & Sanghyang Hawu (...
- Koleksi Museum Prabu Geusan Ulun Sumedang
-
▼
Oktober
(35)
Posting Anyar
Buku Tamu
Followers
SahabatKu
Sahabat FB
Dicari Sponsor
Dicari ....Sponsor !!! Untuk Cetak BukuSejarah Kerajaan Sumedanglarang Nyukcruk Galur SumedangLarang Informasi lebih lanjut
13 komentar:
hatur nuhun, cutatan ieu tos ngabantos abdi pisan dina pangajaran disakola...
gugutulan (= kaulinan di daerah Rajagaluh Majalengka) sarupa jeung bebentengan ...
punten,,dupi aya daftar pustaka na?? hatur nuhun..
Keren nambah wawasan
tambihan kakawihna!
Hatur nuhun
nuhun ngababtos pisan
PRIS PRISAN NU KUMAHA ?
makasih banyak izin save buat ulangan :))
mana maenan kokoleceran na?
Mobile legends = eta teh game analog
Babandringan nyaeta
Ningan teu aya ciciputi
Posting Komentar
Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya