Selasa, 03 Mei 2011 | By: Babad Sunda

Riwayat kampung Empang sareng kampung Legok sumedang


Alhamdullilah dipasihan keyeng deui kanggo neraskeun hanca nyerat riwayat dina ieu blog, Riwayat anu baris dipedar ku simkuring dina waktos ayeuna nyaeta sasakala atanapi riwayat Kampung Empang/ empang nu sapengkeureun gedung negara sumedang nukapungkur, margi ayeuna mah gedung nagara sumedang ngalih ka Jl.Bypass caket lembur karapyak tea,..supados teu nyangkolong teuing kana waktos urang langsung wae pikeun medar riwayatna anu hasil tataros kasabaraha sepuh nu terang kana riwayatna.


                                     Foto : Masjid Agung Baheula sareng alun- sumedang

                                        Foto: Empang Baheula sapengkeureun Gedong Nagara

 

Saparantos mendakan wewengkon anu payus kanggo ngadegna Gedung nagara,nu ngalalakon na nyaeta Embah Mintanagara anu diutus mancen tugas pikeun nalungtik pinagaraeun sumedang ka tenjonagara waktos Pangeran Panembahan ngawasa, lajeng kanggo ngawangun eta gedung nagara teh tinangtos peryogi bahan-bahan anu kalintang seurna, mung dina waktos ayeuna abdi seja medar teh perkawis bahan taneuh arugan anu pakuat kait sareng riwayat empang, Embah Mintanagara miwarang nugaran gunung alit di kaum sapengkeureun Mesjid Agung, mung abdi teu mendak nami gunung alit anu ditugaran kanggo diala taneuhna tea teh,kumargi masih kirang keneh nya ngagali taneuhna deui teh dipeungkeureun gedung nagarana dugi ka lalegok pisan teras kumargi tilas ngagalina janteun situ leutik nya dugi kakiwari disebat empang nami wewengkon sapengkeureun gedung nagara tea teh.


Kumargi taneuh arugan ti gunung leutik kaum kapungkur, taneuh ti empang teu acan nyekapan wae, nya embah mintanagara milari deui kadaerah Legok ayeuna, tah disebat legok teh tilas panggalian taneuh kanggo ngadegkeun Gedung nagara,Taneuh tikampung eta pangseueurna anu dianggo pangarugan /nyaeuran gedung nagara dugi ka alun-alun sumedang anu ranca/rawa keneh, nyaeran ranca kapengkerna dugi ka bale desa regol wetan ayeuna, kumargi pangseurna taneuh anu dikeduk ka gedung nagara janten eta kampung tangtos janten darekok atanapi lalegok . nya tiharita kampung tilas pangedukan taneuh disebat kampung legok dugi ka kiwari, sanaos ku mangsa kiwari tos teu aya tapak pangedukan taneuhna da tos pinuh kupirang-pirang wangunan,tapi kusanaos kitu tetep eta lembur masih disebat kampung atanapi lembur legok,..tah mung sakitu anu ka guar ku simkuring perkawis riwayat EMPANG sareng LEGOK teh,...

Kusaking panasaran kana nami-nami lembur di wewengkon sumedang anu pasti ngandung sasakala/riwayat..kanggo kapara wargi anu uninga kana riwayat lembur di sumedang tiasa sasarengan kanggo medarna, sareng bilih manawa sareng manawi anu hoyong terang riwayat lembur anu sabuderan sumedang mangga mundut weh dina komentar dihandap ieu manawi simkuring terang...

Cag ach

Catetan
Mulyadi/jakatatal

http://babadsunda.blogspot.com

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

1 komentar:

target='_blank'>Unknown mengatakan... [Reply to comment]

abdi warga dicaket gunung kareumbi mun ka pungkur mah kasebat na kampung cijokjok di perkebunan jeruk ka telahna. abdi te terang tah kumaha berdiri na ie kampung..

Posting Komentar

Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya

Kembali lagi ke atas