Minggu, 26 Agustus 2012 | By: Babad Sunda

Sajarah Jaya Perkasa Versi Cipancar


M.H.Suhardi

Hatur nuhun komentar ti sadayana, sumangga urang waleur kapanasaran Baraya http://babadsunda.blogspot.com/2010/11/hanjuang-di-kutamaya-kiwari-jadi-saksi.html urang  pedar lalakon versi Abah Mahmud Suhardi , Saleresna nungabentenkeun Versi dayeuh luhur sareng versi cipancar mung sakedik, nalika kuncen sepuh abah Mahmud Suhardi teu acan pupus, abdi kantos tetelepek ngenaan versi ieu, saur anjeun na, versi dayeuh luhur nyebatkeun yen Mbah Jaya Perkasa saparantosna nyeceubkeun iteuk teh ngalambangkeun kabenduan manah na, sareng nge cagkeun ka luuhan na nu janten senapati Sumedanglarang,ulun kamula atanapi ngabdikeun diri ka Nalendra Sumedanglarang mung dugi semet harita, saparantos kedal nyarita kitu sareng kajantenan nancebkeun iteuk Embah Jaya Perkasa ngahyang atanapi ngaleungit, sedengkeun minurut kasauran kuncen sepuh abah mahmud, nyebatkeun ngahyang teh pikeun ngaleungitkeun tapak supados anjeuna teu dipilarian deui pami dianggap ngahyang mah, padahal salira mbah jaya perkasa lumungsur ka cigobang ngadehes atanapi seja amitan ka Ratu Tjukang Gedeng waru Prameswari Prabu Geusan Ulun terah ti Sunan Pada Karedok, saparantos amitan ka gusti ratu lajeng manten na ngajugjug kampung baginda anu aya di wewengkon Cipancar Sumedang Selatan, naon nu janten kasang tukang embah jaya perkasa ngajugjug ka kampung baginda? saur kuncen sepuh ngawaler, yen di kampung baginda baris nepangan putra-putra prabu siliwangi anu terakhir (Surya Kencana)diantarana seja nepangan Embah Sutra Ngumbar, embah Sutra bandera, aya nujanten kahelok sim kuring nalika kuncen sepuh nyanggemkeun sa enya Mahkota Bino Kasih di candak kandaga lante ka sumedang teh seja dipasrahkeun ka Sutra Ngumbar putra Prabu siliwangi anu pang ageungna, mung pangemut Embah Sutra Ngumbar daripada mahkota aya dikami leuwih hade pasrahkeun ieu mahkota pajajaran ka raja SumedangLarang da sarua wae saturunan jeung sakaruhun jeung kami, Pasrahkeun ieu mahkota jeung sakabeh kakawasaan pajajaran ka Sumedaglarang, nu antukna sadaya kandaga lante tumut ka sabda atanapi cariosan  Embah Tajur/Embah Sutra Ngumbar, singkatna carita mahkota, sadaya kakawasaan pajajaran janten milik Sumedanglarang, lajeng anu ngabentenkeun sajarah numutkeun kasauran abah Mahmud teh saparantos dianggap ngahyang Embah jaya pekasa teh saleresna mulih deui ka Embah Tajur, mung salirana nyurup sareng urang lembur supados teu katangen ku tikarajaan sumedanglarang. waktos harita sim kuring ge tumaros, naha nembe ayeuna abdi ngadangu pedaran sajarah ieu mah?? kuncen sepuh ngawaleur, sa enyana kawit kuncen sepuh tikapungkur ge mahing pikeun medar ieu sajarah, naon sababna?? apanan atos dipedar tadi oge embah jaya perkasa nyurup sareng urang lembur anu hartosna nyumput buni dinu caang, nembrak bari teu katembong, lamun kuncen medar ieu lalakon sarua jeung ngabejer beaskeun atanapi nenggrak keun pangyumputan na embah jaya perkasa, lajeng abdi ge tumaros deui, naha ka abdi dipedarkeun ieu lalakon??? lantaran salira janten pangurus Paguyuban Kuncen, nu kedah apal kana lalakon karuhun sumedang, bisi umur abah pondok jadi geus katepikeun ka hidep,mung kumaha saupamina abdi gaduh emutan ngadugikeun ieu lalakon ka wargi-wargi sumedang ??? abah teu bisa ngajawab palebah eta mah, lamun gaduh tekad kitu mah jug geura wudhu, wayahna peuting ayeuna salira ngendong di makamna, sok tepikeun pamaksadaan salira eta, tapi abah moal bisa nganteur, omat anggo tatakrama ziarahna supaya ulah mengpar jeung ajaran agama urang,muntang kanu maha kawasa mugia ulah janten matak saupamina salira medar ieu lalakon ka umum. hatur punten kumargi kapungkur abdi mung ngadangukeun, teu kaserat sadayana pedaran lalakon versi cipancar, mung garis ageungna kitu, kirang sareng langkung neda tawakup wae, bilih aya lepat hapunten anu kasuhun, abdi mung hoyong medar ieu lalakon teu aya sanes mung sa ukur hoyong terang sareng ngadugikeun aya sajarah versi cipancar ngenaan embah jaya perkasa, kanggo ngalengkeupan wawasan sajarah lokal sumedang, leres atanapi henteuna mangga nyanggakeun kasadayana wae, abdi moal ngirangan sumawon na ngalankungan, sieun ku bisi rempan ku sugan, mugia tiasa janten risalah kanu sajarah lokal sumedang, hatur nuhun..caaag.

Jika menurut Anda artikel ini bermanfaat, silahkan vote ke Lintas Berita agar artikel ini bisa di baca oleh orang lain.

7 komentar:

target='_blank'>OUTBOUND DI MALANG mengatakan... [Reply to comment]

nice post :)
ditunggu kunjungan baliknya yaah ,

target='_blank'>dedetea66 mengatakan... [Reply to comment]

ngiring bingah gan,banner juragan tos dipasang di blog simkuring,supados langkung loma mangga banner simkuring enggal di pajang di blog juragan,
Haturnuhun

target='_blank'>Unknown mengatakan... [Reply to comment]

punteun ah. ngiring ngalangkung...

target='_blank'>CECEP HIDAYAT mengatakan... [Reply to comment]

Sampurasun... agan! ngiring ngabaca sajarah sunda, haturnuhun

target='_blank'>athejank.lathe@gmail.com mengatakan... [Reply to comment]

Matep lur

target='_blank'>Unknown mengatakan... [Reply to comment]

Abdi gaduh taroskeun. Ari putra NYI mas gedeng waru leres Aya lima atanapi seueur,

target='_blank'>Ahmd Hidayat mengatakan... [Reply to comment]

Nuhun, kana Kasaeanna.

Posting Komentar

Pengunjung yang baik tentunya memberikan Komentar,kritik serta saran yang sopan disini, Terima kasih atas komentar dan kunjungan nya

Kembali lagi ke atas